blog-img-10

Posted by : BIPP

SEREN TAHUN CITARUM

CATETAN SEREN TAUN CITARUM
oleh : Rahmat Leuweung
 
Saréngséna ngawiwitan keur nyumponan sarat gelar Sérén Taun Pangauban Ci Sanggarung (Kuningan) nu ka genep taun (2016-2023) laju miang ka Kamojang, nuluykeun hanca Sérén Taun Pangauban Ci Tarum (Bandung) taun ka-14 (2009-2023) taun ka-1 Pancén Gawé Panglulugu Ci Tarum Barésan Pangauban Ci Mandé, Buyut Wahangan Panamping Ci Tarik.
Gelar Sérén Taun Tembey (awal: Panyoréangan/ evaluasi) di Kamojang (Pangauban Ci Karo) dihadiran ogé ku wawakil ti Perhutani. Hadirna ti Perhutani saluyu jeung kagiatan Sérén Taun Pangauban Ci Tarum nu dipuseurkeun di sabudeureun Gunung Wayang nu asup kana wilayah Perhutani.
Babad pangauban Ci Tarum atawa mukakeun sajarah/ riwayat pangauban salah sahiji acara poko dina Sérén Taun Tembey Ci Tarum. Intina incu putu ulah poho kana purwadaksina. Rempeg incu putu nu aub dina gelarna Sérén Taun Tembey, kaasup aubna incu putu ti hilir Ci Tarum, Karawang. Disampurnakeun ogé ku aubna incu putu ti Kanagaraan Tengah Ci Tarum wétan, nyaéta Pangauban Ci Manuk.
Saréngséna diistrénan laju mitembeyan kana Sérén Taun Tengah (kadua), nyaéta panyorangan. Panyorangan ngagelarkeun pancén narawas, ngariksa wates leuweung dina waruga walungan Ci Tarum jeung neungeutan kaayaan alamna dina mangsa kiwari.
Aleutan nu kepeto mancén tugas narawas laju miang ka girang Ci Tarum, Gunung Wayang (Tarumajaya, Kertasari). Lian dipapag ku incu putu nu di girang, aleutan dibagéakeun ogé ke jajaran KRPH Pangaléngan, malah langsung ku Asper-na.
Laku Patanjala di wilayah Gunung Wayang Pangauban Ci Tarum, hususna, nu masih asup kana ambahan kadéwaan kadua, nyaéta pancén tapa di mandala balaréa/nagara mibanda pancén ngagali deui pangaweruh pangauban dina ngokolakeun kanagaraan.
Ku sabab nu di luhur éta, incu putu geus waktuna aub dina kalang kanagaraan, hususna dina gelar sérén taun ieu pataréma jeung pihak nu miboga mandat ngokolakeun wilayah kahutanan, sabab asup kana kawasan hutan lindung (HL), nyaéta Perum Perhutani. Dina luang séjénna, incu putu kungsi pataréma jeung nu miboga mandat kahutanan lianna, nyaéta Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam (BBKSDA) Jabar ngeunaan kawasan Cagar Alam (CA) Kamojang, CA
G. Papandayan jeung CA Leuweung Sancang.
____________
Warta terahir, aleutan Ci Tarum nu mancén tugas narawas, jam dibewarakeun ngaliwatan FB ieu geus aya di puncak Gunung Wayang, nepi tadi peuting jam 8an. Pangriksaan maké jalur nu brasna ka punduk Eyang Geter Bumi nu jarang kasorang ku jalma. Jalan satapakna geus kalinuhan ku sarupaning runga. Nutur-nuturkeun jalur urut sato.
Narawas ieu baris digelar salila 40 poé kahareup nepikeun ka muara Ci Tarum, Muara Bungin-Gembong, Karawang-Bekasi.
Muga lancar lahir jeung bathinna. Gusti nu nangtayungan, alam nu marengan. Laju baé.
 
Sumber : Fb Rahmat Leuweung

A PHP Error was encountered

Severity: Core Warning

Message: PHP Startup: Unable to load dynamic library 'tidy.so' (tried: /opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so (libtidy.so.5: cannot open shared object file: No such file or directory), /opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so.so (/opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so.so: cannot open shared object file: No such file or directory))

Filename: Unknown

Line Number: 0

Backtrace: