blog-img-10

Posted by : BIPP

Seren Tahun Cimanuk

LAJUNING CAI, LAKUNING PATANJALA ;
Dina SérénTaun Ka-13, Derma di Pangauban Cimanuk
***********
OBAH JAMAN ; Padungdengan jeung usikna pangancikan..
Jaman nu laju obah mawa balukar lara, ninggang alam jeung hirup kumbuh sosial. Tug nepi ka bera gedé sabuana, di pandemi 2020 tangarana. Obahna jaman nu nyundut padungdengan-padungdengan rasa jeung pikir, ogé ngusik pangancikan kamanusaan.
Pitrah nu ngancik kapatri di sanubari eta hanip kamanusaan. Sipat alamiah nu alus, hadé, mun ku babasaan ti barat mah disebutna “the good”. Pitrah moal saluyu jeng karuksakan nu lara. Nya lebah dinya kausikna pangancikan. Ku sipat hanip ieu manusa teu weleh kacangreud ku bakal tilarna nu liyan. Katilaran nu liyan ceuk basa légégna “Mortalitas, alias ke-dapat-matian”. Nu liyan di dieu nyaéta alam jeung papada manusa. Cindekna, hanip kamanusaan kamistiana teu weléh ngabuka panglawungan rasa jeung nu liyan.
Mun kitu nu hanip aya saméméh nu araya kabéh ieu. The good beyond béing ceunah. Ku tarikan alamiah the good nu meta-fisika ieu, nya kadituna ngalahirkeun pirang-pirang nu katelah étika jeung moral, nu jadi sikep jeung laku sapopoé. Béh dituna geus jeung bakal terus digelarkeun dina sajarah kamanusaan nu katelah Konstitusi Nagara, pikuen ngajaga mortalitas nu liyan jeung jalma réa.
Obah jaman raket kaitana jeung kapatian nu liyan ogé jalma réa. Nya lebah dieu pisan kausikna pangancikan, pikeun nu surti kana wayah. Sunda usik ku obahna jaman.
PANYORÉANGAN ; jeung ka mana mulangkeun rasa ?
Miturut lajuning cai lir miéling deui huluwotan nu wening, di satengahing ngamalirna wanci nu beuki kiruh ka hilirnakeun. Lakuning patanjala ibarat nyungsi deui wiwitan hirup, lebah wayah lara nu keur laju ka patina.
Sabab nyorang alam nu karasa lara sabalaréa, kamistiana mawa nyoréang alam ka tukang nu genah merenah. Katugeunahan kiwari baris ngusik penineungan nu bihari. Hiji patempatan ka mana rasa jeung nalarna kudu mulang deui.
Lebah sanghyang pertiwi huluwotan kaweningan ngancik tur bijil. Ngamalirkeun cikahuripan ka pirang jalan-jalan caina ; sususkan, solokan, wahangan katut walungan. Mawa jadi rupaning tutuwuhan, tatangkalan jeung pepelakan. Nya ka lebah dinya cindekna rasa panyoréangan.
SANGHYANG PERTIWI ; nyungsi Nadran jeung Munggah..
Ari sanghyang pertiwi pernahna di girang. Anu hanjat ka girang eta nu naek, Munggah. Unggah tina adat ngaruksak jeung karuksakan nu baris nemahing pati. Kalayan panampian tur kasurtiana, nu diunggahkeun malah mandar nepi kana makom nu wening pinuji, balik ka kabuyutana nu pitrah lan hanip.
Sikep munggah nyaéta ngajauhan, nyangker rasa jeung pikir kanu ngakibatkeun lara-pati, sangkan tetep éling lan waspada kana cikahuripan nu jadi huluwotan kahirupan.
Jaroh alam rasa jeung pikirna, nu neuleuman jeung nyaksian zaman garing kapapténan sabab kahuru seunue amarah, eta Nadran. Anu geus Nadran lajuna Munggah. Faman syahida minkumusyahro falyasumhu.
CAI NGAGENCLANG ; Ma'ul Hayat..
Genclang cai nu kasungsi di sanghyang pertiwi nganjogkeun rasa kana Kabataraan. Mapay mundayna cai ka landeuh mere iber Karesian. Barang brasna ka muhara di hilirna jadi Karatuan.
Lebah cai ngagenclang nu mapay munday ti girang ka muhara, mawa ajén spiritual, intelektual, tur hukum katangtuan Pangauban, pikeun sakur mahluk hirup nu aub di lemah caina, di dayeuh maneuh nu ngajamin hirup balarea jeung huripna.
PANYAWANGAN ; pikeun Kanagaraan saéstu deui..
Wayah jeung kaayaan lara pati hamo bisa dioméan. Kudu nampi jeung ngahampura baé. Ibarat tangkal (sajaroh) nu geus laas, murag kalakay, maju ka tutunggul, kantun diangon baé, ngarah jadi ipuk nu subur keur tangkal panayogian nu anyar dipelak.
Saha nu anjog ka tonggoh bakal nyawang ka landeuh nu anggang, saha nu munggah ka girang baris katingal hilir nu tebih. Kamaha sangkan cai ti huluwotan nu wening, ngamalir ka tengah tur awor di hilir gé beresih ? lebah dieu panyawangan jadi laku wayah jeung tarékahna.
Kabataran, karesian jeung karatuan hiji tritangtu di buana pikeun maneuhna Kanagaraan saéstu di alam nu bakal datang. Nyaéta wayah Sawal, pamecalan ka jaman beurang nu anyar. Urang laju bae dina wayah jeung wasana.
Nyawang nu bakal datang nyaéta malikeun deui ka Kanagaraan nu saéstuna : “Atas nama bangsa Indonésia, Melindungi segenap bangsa dan seluruh tumpah darah, Mencerdaskan kehidupan bangsa dan ikut melaksanakan ketertiban dunia”. Dus NU saéstuna “Kerakyatan yang dipimpin oleh Hikmah Kebijaksanaan".
BAGEA SHIYAM ; Syahrun Mubarrok..
Pikeun nu nampi tur surti, shiyam kamistian sikleus wayah, nu perenah tumiba ka pirang koum saméméh aranjeun.
Man shooma romadhoona iimaanan wahtisaaban, gufirulloohu maa taqoddama min dzanbihi..
Tah kitu Lajuning Cai (Patanjala), sakitu éndahna..!!
Cag, Rampes.. ????
*******
Sumber : Facebook Ki maher / asep maher sang prabu lengle
#Wilujeng Shiyaam ; Nadran lan Munggah, di Romadhon 1445 H
#Acara Panyawangan dina Sérén Taun ka-13, laku darma di Pangauban Cimanuk, di Cibisoro-Cipancar, 2024

A PHP Error was encountered

Severity: Core Warning

Message: PHP Startup: Unable to load dynamic library 'tidy.so' (tried: /opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so (libtidy.so.5: cannot open shared object file: No such file or directory), /opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so.so (/opt/cpanel/ea-php74/root/usr/lib64/php/modules/tidy.so.so: cannot open shared object file: No such file or directory))

Filename: Unknown

Line Number: 0

Backtrace: